Rabu, 17 Februari 2010

Pasanggiri Pupuh

Kuring Sunda Kiwari, nu nyaah kasarakan sarta warisan Sunda Bihari, tangtu moal cicingeun mun Banda Sunda aya nu ngagunasika kawas Pupuh anu dipasanggirikeun nepi ka tingkat Propinsi. Lain teu meunang, tapi ulah diruksak tangtunganana.
Ari nu disebut Pupuh teh kapan karya sastra Pujangga Sunda Baheula anu teges ugeranana, nyaeta Guru Lagu, Guru Wilangan, Reana Padalisan dina unggal-unggal pada, jeung Watek, nyaeta pasipatan anu nuduhkeun suasana.
Mungguhing jalma, kapan aya kalana sedih-prihatin, aya kalana suka-bungah, aya kalana macangkrama, ngaguar pangalaman, jeung sajabana. Kumaha petana, kumaha basana, kumaha sorana ari jalma nu keur tunggara ? Kumaha petana, kumaha basana, kumaha sorana jalma nu keur meunang kabungahan ? Tangtuna bakal katara bedana. Moal saru antara jalma nu keur sedih jeung jalma anu keur nandangan lara.
Salengkepna

Tidak ada komentar:

Posting Komentar